Jumat, 21 Oktober 2011

MALIK REWAS

duka keur iseng atawa duka ku naon,hiji waktu incu-incuna nini unih ngirim kuis SMS dina TV anu hadiahna samiliar. kabeneran waktu ngirim kuis teh maranehna make identitas ninina.
saminggu ti harita waktu nini unih keur mandi, incu-incuna kabeneran lalajo pengumuman eta kuis. Teu disangka teu dinyana, eta anu meunang hadiah samiliar teh nini unih! Incu-incuna antara atoh, reuwas, jeung bingung. Rek teu bingung kumaha atuh,apanan nini unih mah boga panyakit jantung. Tong boro dibejaan meunang duit samiliar, Kamari oge basa taktakna kapuragan cakcak.apan si nini nepi dibawa ka rumah sakit,bakating ku reuwas.
Akhirna incu-incuna badami. Engke ngabejaan si nini mah rek make basa perumpamaan we. Tah, geus kitu si nini kaluar ti kamar mandi.
"keur naraon maraneh teh ngariung hareupeun TV?" nini unih nanya.
"Biasa lalajo we ni! Ni... diumpamakeun yeuh, kumaha upami nini hiji waktos kenging hadiah artos samiliar?" ceuk si epul, incu panggedena.
Bari asup ka kamar,nini unih ngajawab:
"Ah, ku nini mah eta duit kabeh rek dibikeun ka maneh, pul!"
Ngadenge jawaban ti ninina, eta mah Si epul langsung nyekelan dadana. Beungeut pias, kesang tiis. Manehna kapiuhan,digotong dibawa ka rumah sakit. :D

0 komentar:

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More